Subscribe:

Sabtu, 17 Desember 2011

Prosesi Nikahan Adat Sunda


Nikahan téh nya panganténan. Ari panganténan téh tina pangantian, perkara nu di anti – anti. Lain upacara guyon kawinan mah malah ieu upacara téh disebut upacara sakral. Nu diharepkeun sakali saumur hirup. Teu sagawayah dina ngajalankeuna ogé, komo di sunda mah. Komo deuih lamun make tata cara nikahan adat sunda nu bener – bener nuturkeun kumaha susunan upacara nikahan dina adat sunda. Upama di tilik kalayan denget mah ieu prosesi téh kawilang bangga. Da gening loba ogé tahapan nu kudu di lakonan téh. Timimiti pranikah nepi ka poénan akad katut resepsina. Aya sababaraha susunan prosesi nikahan adat sunda. Najan dina enas – enasna campur jeung guyon da dasar urang sunda, nanging saéstuna kabéh ogé miboga ajén – ajén anu hadé jeung gedé pisan alaeunana.
Cikan kumaha atuh ari prosesi atawa tata cara nikahan adat sunda téh?.
·      Susunan upacara pranikah :
1.        Neundeun omong.
Pihak lalaki datang ka pihak awéwé, nepikeun pamaksudanana yén manehna boga niat hayang ngajdikeun piminantueun. Dina ha lieu nu dibutuhkeun nya éta kaparigelan dina nyarita.
2.        Narosan.
Narosan sarua jeung ngalamar. Meminang calon istri. Narosan hampir sarua jeung neundeun omong. Pihak lalaki datang ka pihak awéwé, bedana dina lamaran mah ti pihak lalaki sok bari babawaan, jiga seserahan. dina ieu adat ti dua Beulah pihak geus mimiti ngomongkeun poé pikeun lumangsungna acara.
3.        Papancangan.
Papancangan nya éta tunangan. Ari alam kiwari mah gening papancangan téh da make ali. Diiket ku ali, tukeur cincin téa ceuk budak ngora ayeuna mah. Tapi gening baheula mah papancanga téh da cenah ku patukeur beubeur tameuh nu di serahkeun ka pihak awéwé.
4.        Seserahan.
Seserahan nya éta parabot nu di bawa ku calon pangantén lalaki, baheula mah biasa na seserahan téh ti 3 – 7 poé saacan poénan.
5.        Ngaras ( sungkeman ).
Sungkeman Dituluykeun ku upacara siraman nu di lakonan ku calon pangantén awéwé jeung calon pangantén lalaki. Di imah masing – masing. Siraman ku cara ngucurkeun cai ku nu jadi indung, bapa, baraya nu geus nikah. Nu jumlah kudu ganjil. Cai dicampur jeung 7 rupa kembang, disiram timimiti rambut nepi ka tungtung suku. Parabotan sejena nu dibutuhkeun dina siraman nya éta  sarung, kaén batik, kabaya, payung gedé jeung lilin. Peutingna disambung ku upacara ngeuyeuk seureuh. Ari ngeuyeuk seureuh téh ngolah, patula – patali jeung juru rias.
·      Susunan acara ti akad nepi ka poénan nikahan :
6.        Mapag calon pangantén lalaki.
7.        Ngalungan kembang.
Kalungan kembang mangrupa pangbagéa ka calon pangantén pameget,  nu  di kalungkeun ku calon mitoha istri.
8.        Nyerahkeun jeung nampi calon pangantén lalaki.
9.        Akad nikah.
Akad nikah mah ti baheula nepi ka ayeuna gé tetep sarua, urusana jeung KUA ngeunaan akad mah. Ngocapkeun ayana ijab – kobul.
10.    Sawéran.
Sawér anu nepikeunana ku cara di tembangkeun dina wangun pupuh, nu eusina mangrupa papatah jeung nasehat keur kadua pangantén anyar. Pituduh kumaha dina ngajalankeun kahirupan rumah tangga. Sanggeus beres nu mupuh, dina jero bokor sawéran  biasana eusina nya éta béas, duit récéh, konéng jeung kembang gula ( nu amis – amis ). Wur, diawurkeun kanu naringali. Kitu ilaharna upama aya nu hajat kawinan téh kapan nu didagoan téh sawéranana. Nya ari sawéran téh tas akad nikah téa, jadi bari ningali akad nikahna, tuluy ngadagoan sawéranana. Kitu tah tradisi di urang mah. Sawéran lain ngan saukur ngawur – ngawur duit atawa béas wungkul tapi sawéran ogé ngandung  ajén anu luhur. Sawér mangrupa panggeuing yén dina kahirupan téh urang kudu daék babagi jeung dina naon – naon nu diawurkeun téh sing aya mangpaatna keur pangantén anyar. Jiga ma’na ngawurkeun nu amis – amis, contona permén . aya pangharepan yén mugia nu bakal ngawangun rumah tangga téh sing aya dina amisna kahirupan rumah tangga.
11.    Meuleum harupat.
12.    Buka pintu.
Biasana buka pintu nya éta paguneman semu heureuy kadua pangantén.
13.    Nincak endog.
Endog ditincak ku pangantén lalaki, tuluy dampal suku pangantén lalaki dibersihan ku cai tina kendi ku pangantén awéwé, anu ayeuna mah geus jadi pamajikanana. Sanggeus bersih. Éta kendi tuluy dipeupeuskeun ku duaan. Ieu tradisi téh ngalambangkeun kumawulana istri ka salakina.
14.    Ngaleupas japati.
Ngaleupaskeun japati miboga simbol yén ti ayeuna kolot geus ngaleupas tanggung jawab ka nu jadi anak. budak geus boga kahirupan sorangan, geus bisa mawa dirina.
15.    Huap lingkung.
Huap lingkung, silih huapan. Pangantén jeung kolot – kolotna. Aya sangu konéng jeung sangu ketan nu di buleud – buleud nu engkéna di huapkeun ku cara silih pahuap – huap. Mimiti ku ibuna, ku apana teras papada panganténa.
16.    Pabetot – betot bakakak.

Prosesi nikahan dina adat sunda téh nya éta téa teu gampang, aya sababaraha runtuyan tata cara nu kawilang bangga. Ari ditilik dina alam kiwari mah loba pisan tradisi nu geus tara diparakéna. Malah bisa disebut geus leungit. Saupama di bandingkeun mah, nu euweuhna gé pohara pisan. Tradisi nu baheula aya, komo nepi ka tektek bengékna mah geus jarang nu mikanyaho. Har, boa enya geus leungit. Ulah ah ari nepi ka kitu mah. Kumaha deuih peran Ki Léngsér dina upacara adat sunda?. Tah nu ieu gé saeutik – saeutik geus rada teu karopéa.



Tidak ada komentar:

Poskan Komentar